hal nu kudu diperhatikeun dina biantara ?
B. Daerah
Nefiaa
Pertanyaan
hal nu kudu diperhatikeun dina biantara ?
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Biantara nyaeta nepikeun kedalan di hareupeun jalma rea anu naskahna disusun sacara rapih jeung merenah. Sangkan biantara bisa dilakukeun sacara merenah, aya sawatara cara nu kudu diperhatikeun dina biantara. Salah sahiji cara nyaeta ku ngestokeun anu disebut TAMAN. Naon anu dimaksud TAMAN teh?.
Pembahasan
Biantara dina basa Indonesia sarua hartina jeung pidato. Ditilik tina suasanana, aya dua rupa biantara, nyaeta biantara resmi jeung biantara teu resmi. Boh dina biantara resmi boh biantara teu resmi, aya sawatara hal nu kudu diperhatikeun dina biantara, nyaeta:
- Pilih hiji topik anu merenah jeung alus, nyaeta saperti topik anu ku urang apal, topik anu dipikaresep ku urang, sarta topik anu matak kataji pala hadirin.
- Susun naskah atawa teks biantara jeung apalkeun eusi eta biantara, sarta estokeun unsur TAMAN, nyaeta Tatag dina nyaritana, Aktual dina temana, Munel dina eusina, Alus dina basana, sarta Ngandung wirahma.
- Usahakeun sangkan eusi biantara anu ditepikeun teh ulah panjang teuing.
Pelajari lebih lanjut
- Nu kudu dipikanyaho samemeh nulis biantara https://brainly.co.id/tugas/11711758
- Cara nepikeun biantara dina basa Sunda brainly.co.id/tugas/6508865
- Hal-hal anu kudu diperhatikeun dina biantara brainly.co.id/tugas/4565331
_________
Detil Jawaban
Kelas : X
Mapel : Bahasa Sunda - Biantara
Bab : 1
Kode : 10.13.1
Kata Kunci : Nu kudu diperhatikeun dina biantara