B. Daerah

Pertanyaan

dongeng sasakala situ bagendit kagolong kana jenis dongeng naon?

1 Jawaban

  • Dongeng nyaeta karya sastra anu ditulis dina wangun lancaran atawa prosa. Aya dua rupa prosa, nyaeta prosa buhun jeung prosa modern. Dongeng kaasupna kana prosa buhun. Conto prosa buhun lianna nyaeta saperti carita wayang. Sedengkeun conto prosa modern nyaeta saperti novel jeung carita pondok atawa carpon. Aya sababaraha rupa carita dongeng, anu salahsahijina nyaeta anu disebut Legenda.

    Dongeng sasakala Situ Bagendit kaasup kana dongeng rupa Legenda. Dongeng Legenda nyaeta carita rekaan nu dipercaya ku sababaraha penduduk satempat yen carita eta teh bener-bener kungsi aya atawa kungsi kajadian, tapi henteu dianggap suci atawa sakral. Conto lianna anu aya dina dongeng Legenda nyaeta saperti sasakala Situ Patenggang.

Pertanyaan Lainnya