naon anu di maksud wangun ugeran
B. Daerah
SeftyPutri
Pertanyaan
naon anu di maksud wangun ugeran
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Wangun ugeran sarua hartina jeung wangun puisi. Karya sastra wangun ugeran hartina karya sastra wangun puisi. Uger hartina iket. Wangun ugeran hartina karya sastra tulis anu kauger atawa kaiket ku aturan, nyaeta aturan anu aya dina puisi, saperti puisi Sunda. Sanajan kitu, dina puisi Sunda aya puisi anu kauger ku aturan, aya oge puisi anu henteu pati kauger ku aturan.
Conto puisi Sunda anu kauger atawa kaiket ku aturan nyaeta saperti wawcan, guguritan, jeung sisindiran. Wawacan jeung guguritan nyaeta puisi Sunda anu kaiket ku aturan pupuh. Sedengkeun sisindiran nyaeta puisi Sunda anu kaiket ku aturan sisindiran. Conto puisi Sunda anu henteu pati kaiket ku aturan nyaeta saperti sajak jeung kawih.