kumaha patalina antara seni musik jeung seni sastra dina tembang sunda?
Pertanyaan
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Aya sawatara lalaguan Sunda, nyaeta saperti kawih, kakawihan jeung tembang. Sacara definisi, kawih, kakawihan jeung tembang teh nyaeta karya sastra dina wangun puisi. Kawih jeung kakawihan nyaeta wangun puisi nu henteu kaiket ku aturan. Sedengkeun tembang nyaeta wangun puisi anu kaiket ku aturan, nyaeta aturan pupuh. Tapi, dina tembang Sunda aya oge tembang anu henteu kaiket ku aturan pupuh.
Sanajan henteu kabeh tembang Sunda kaiket ku aturan pupuh, tapi bisa dipastikeun yen kabeh tembang Sunda teh mangrupa karya sastra dina wangun puisi, saperti kawih jeung kakawihan. Jadi, dina tembang Sunda, kaasup oge kawih jeung kakawihan, miboga unsur seni musik atawa seni suara jeung unsur seni sastra nyaeta wangun puisi dina rumpakana.
Kategori Soal : Bahasa Sunda - Guguritan
Kelas : VIII (2 SMP)
Kata Kunci : Tembang Sunda, seni musik, seni sastra